Liwung Gandrung
Jentréng kacapi nu lawas kapigandrung
ngahiap, ngagupay lamunan mangsa baheula.
Pasosoré, na tonggong gunung,
sariak layung nuturkeun kalangkang méga.
Jentréng kacapi jadi papaés ati.
Bujang jeung wanoja nu anteng dina galengan;
nembrakkeun deudeuh, némbongkeun nyaah;
silih udag, silih simbeuhkeun kaasih.
Jentréng kacapi dipasieup kawih asih,
dieuyeuban gelik suling, ngajerit maratan langit;
nepikeun rasa nu teu kungsi kedal jangji.
Kacapi nu remen mépéndé haté,
hariring teu kendat ngageuing batin,
suling nu marengan cimata cinta,
kiwari ukur waasna.
Bandung, 13 April 2025
***
Risau Merindu
Denting kecapi yang lama kurindu
melambai, hadirkan lamunan masa silam.
Senja itu, di punggung gunung,
sinar lembayung tapaki bayang-bayang mega.
Denting kecapi hiasi hati.
Bujang dan gadis asyik di atas pematang;
cetuskan cinta, suratkan sayang;
berkejaran, percikkan cinta dan kasih.
Denting kecapi berhias lagu bertajuk kasih,
dipercantik merdu seruling, menjerit tembusi langit;
wahyukan rasa yang tak pernah mewujud janji.
Kecapi yang dulu luruhkan kalbu,
senandung yang dulu lalaikan batin,
seruling yang senantiasa rinaikan air mata cinta,
kini tinggal sejarah.
Bandung, 13 April 2025


