Sasakala Cinta Ki Sunda
Batari langit murub mubyar di sagara ciptaan,
sangkan jagat tinemu rahayu.
Sunda nyumput dina leuleuy angin,
ngajaga rasa, neundeun siloka waktu.
Salira anggang dina lenglangna Gunung Cikuray,
Katara tatapakan karuhun dina rangkul budaya Sunda
nu nyumputkeun imut dina pucuk tangkal kawung
jeung jemplingna kapanggih wanci ngopi di saung jati.
Sagala kahirupan dibeungkeut ku “silih asah, silih asih, silih asuh”,
nu ngaleut ngeungkeuy ngajadi piwulang sajati.
Kecap “hormat” teu saukur jadi papaés lisan,
tapi napel dina réngkak paripolah jeung usik malik.
Sagala lampah nyumput dina suling salendro
nu ngalayang nyaliara nepi kana jemplingna haté.
Di sisi lemah nu teu loba carita,
asih gumelar dina sapiring “sangu liwet”
jeung sésa seuneu durukan peuting tadi.
Kanyaah Ki Sunda lain ukur ngagurat dina surat,
tapi dina paheuyeuk leungeun ngaraksa lemah cai.
Kanyaah Ki Sunda ibarat cinta tan cai mata
nu ngocor ngagolontor tina ati sanubari.
Bandung, 11 April 2025
***
Legenda Cinta Ki Sunda
Dewi langit pancarkan sinar di samudera agung,
berharap jagat temukan damai.
Sundaku bersembunyi di balik hembus angin,
menjaga rasa, menyimpan simbol-simbol waktu
Engkau jauh dalam senyap Gunung Cikuray,
Kulihat jejak nenek moyang dalam dekap budaya Sunda
sembunyikan senyum di pucuk-pucuk daun aren
dan sunyi terasa pekat saat kita minum seduhan kopi
di teduh dangau pohonan jati.
Segala hidup terikat erat dalam dekap silih asah,
yang terangkai indah sebagai petuah sejati.
Ungkapan hormat bukan sekadar penghias lisan,
namun melekat dalam gerak, dalam langkah.
Segala tingkah bersembunyi dalam buai seruling
yang berdendang indah hingga serambi hati nan sunyi.
Di tepi gurun terdiam seribu bahasa,
kasih lahir lewat sepiring nasi liwet dan sisa
tungku tadi malam.


